SERTIFIKASI CEUK OJÉG
Ieu mah obrolan Abah Bodén jeung barudak ojég, lain kritikan atawa pelecéhan, da kuring ngamaklum pisan kana pamanggih manéhna nu jelas masih kurang wiwahana..kieu gera :
Ojég : ”Bah, ari sertifikasi téh naon ?”
Abah Bodén : “ rék naon atuh nananyakeun sertifikasi sagala ?”
Ojég : “atuh hayang apal wéh, pédah mani asa mindeng ngadéngé bahasa éta téh”
Abah Bodén : “ emhh…kitu..? éta téh ceuk cohagna mah tunjangan profesional pikeun guru jeung
Dosén”…
Ojég : “ ari nu nangtukeun guru professional téh saha Bah ?”
Abah Bodén : “ aya tim husus penilaina nu ditunjuk ku pamaréntah”
Ojég : “naon nu dipeunteunna téh ???”
Abah Bodén : “ administrasi dina bentuk portofolio “.
Ojég : “ ariiiii naon polio téh bahasa deungeun, naon waé éta téh..? “
Abah Bodén : “ lain naon polio..tapi portofolio…enya serepan tina bahasa deungeun..anu eusina
cenah mah bundelan data-data pribadi jeung administrasi séjénna salila digawé,
kalawan dilengkepan ku bukti-bukti pernah miluan seminar, kursus, diklat, jeung
ték-ték bengék sakéhé aya dina éta portofolio téh…kitu..tah..” ngarti ???
Ojég : “ rék api-api ngarti wéh…da panasaran téa atuh….lamun lulus dipeunteunna bakal
kumaha ?”
Abah Bodén : “ nya lulus téa jadi guru profesional, kalawan boga hak meunang tunjangan profési “
Ojég : “ ooooh kitu..??? sabaraha meunangna téh ? “
Abah Bodén : “ ih..rupa-rupa..kumaha gajih pokona…cenah mah lamun tadina dua juta, bakal jadi
opat juta sabulanna téh !!”
Ojég : “ wah….??? Ngeunah atuh nya Bah ???, ari Abah geus meunang ? naha mani teu
becré ka barudak ojég....???
Abah Bodén : “ puguh wéh ngeunah mah..Abah mah can meunang pan can jadi sarjana, jeung masih
kénéh anyar jadi guruna gé. Jadi ceuk cohagna mah can profesional !!!”
Ojég : “ eemmhh…enya ngarti ayeuna mah…ari guru nu urang ditu gening..nu sok megat
mobilna jam 8…geus meunang..???”
Abah Bodén : “ ooh étaa…cenah mah geus meunang…pantes da geus lila atuh jadi guruna gé..”
Ojég : “ atuh padahal mah Abah gé nurutan !!!”
Abah Bodén : “ maksudna ?”
Ojég : “ enya nurutan indit beurang ari hayang meunang mah…!! Sugan wéh kuring kabéré..
lain ngan ukur udud sabatang jiga ayeuna…!!! “
Abah Bodén : “ géhél téh hanas dilayanan…”
Ojég : “ paingan atuh Abah mah teu meunang sertifikasi…da bodo gening..!?? “
Abah Bodén : “ bodo kumaha…? “
Ojég : “ ari hayang …meunang gaji sertifikasi…ari indit gawé jam 7 geus di sakola…nya….
moal meunang-meunang atuh…??!!! “
Abah Bodén : “ boa enya nya euyyy ???? ( abah bodén kabawa lieur…)
boa-boa enya hayang meunang serifikasi teh salian ti kudu S1 teh... kudu indit beurang meureun nya?..rek nyobaan ah bah...sugan we tereh meunang gaji sertifikasi siga batur urang ditu.....hahahahhaa.......
BalasHapus