Sabtu, 27 November 2010

GURU BANTU


Remen datang ka sono ka balad-balad anu kaasup kana FKGBI (Forum Komunikasi Guru Bantu Indonesia), rék teu sono kumaha…dina éta Forum tempat nyawalakeun nasib Guru Bantu sa Indonesia.
FKGBI lir ibarat mu’jijat keur Guru Bantu mah , harita nu jadi GBS rata-rata kalahiran tahun 65 – 70 an, nu ceuk aturan Pamaréntah mah geus teu mungkin jadi PNS da geus kadaluarsa umur, lolobana geus liwat ti 35 taun.
Ku ayana FKGBI nya antukna nu teu mungkin bisa jadi mungkin , ngaran aturan Pamaréntah bisa waé robah béda jeung aturan Gusti Alloh.
Teu sirikna unggal bulan ngayakeun rapat FKGBI téh, matéakeun duit iuran ti anggota nu ngan cukup keur meuli cai wungkul, Alhamdulillah sararéa bisa narima, da rumasa kana kaayaan, nu kacida bungahna aya dorongan méntal ti Bapa Yayan Tahyan anu harita ngaluuhan jabatan salaku Kadisdik Kabupatén, anjeuna ngadukung pisan kana patékadan para GBS meredih ka tingkat pusat pikeun diangkat jadi PNS. Anjeuna uninga sareng peryogi pisan ku guru PNS di Kabupatén Tasik nu waktu harita kacida pisan kurangna.
FKGBI nu sabeungkeutan, didukung ku pihak birokrasi anu aya di daérah antukna lahir PP 48/2005 anu intina Tenaga Honorér baris diangkat PNS. Lain ngan ukur GBS tapi honorér  ti tiap lembaga/instansi gé sarua.
Najan karékPP gé asa geus jadi PNS harita mah, komo ti taun 2006 nungtutan balad-balad kuring anu pang kolotna diangkat jadi PNS, tepi ka akhirna taun 2008 GBS di Kabupatén Tasik kelar diangkat jadi PNS kabéh.
Ceuk Kang Agus AW salaku pupuhu FKGBI Kabupatén harita, luyu sareng kasauran bapa Yayan Tahyan, yén FKGBI ulah tepi ka bubar, sabab geus ka ukur gawéna jeung kauji sauyunannana.
Kamana ayeuna FKGBI téh?
Tah éta nu matak kuring sok remen sono téh…asa cikerih Forum nu sakitu gedéna bisa leungit kitu waé, FKGBI nu sakitu gedé manfaatna, karasa pisan hasilna, kiwari tingal carita.
Dulur-dulur ex GBS …..urang harita lir ibarat mayit nu bisa hirup deui, sok implengan gera…urang lulusan SPG baheula pan SPGna gé geus taya dikieuna, saingan urang harita barudak ngora lulusan PGSD, tapi gening urang bisa ngaronjat jadi Guru PNS nu ceuk saliwat mah teu mungkin.
Kuring sadar pisan…najan ieu mangrupa keun nasib alus, tapi jelas nasib urang moal kieu lamun taya cukang lantarannana. Tah nu jadi cukang lantaran téh nyatana FKGBI nu ngabeungkeut GBS sa-Indonésia. Asa pamohalan mun urang indit séwang-séwangan ka tingkat pusat ménta diangkat jadi PNS ….ah mustahil kana didanguna gé….
NAHA URANG BISA POHO KA FKGBI  ????????????????

BODEN

Si Ade ngagebra tibra, dipépéndé ku kang Iwan Fals…jiga nu nikmat naker,
Kuring gé rohani mah milu nyanyi, tapi jasmani mah keur ngararasakeun indocoffee bari pelenyun udud 234…..emh…gening ari bari di syukuran mah karasa pisan nikmatna téh…..nuhun Gusti…..
Asa cik kénéh lanceukna lahir, ayeuna geus umur sapuluh taun leuwih, geus kelas opat és-dé..
Bagja ari geus boga turunan, bakal aya nu neruskeun perjuangan kuring nu teu kahontal…Anaking jimat awaking hidep duaan budak abah, di du’akeun sing jadi jalma soléh, panggih jeung kabagjaan, jauh tina balai boh balai dunya atawa balai akhérat….
Enya…mun ras inget kana lalakon baheula keur bobogohan jeung indungna, asa cikerih, nyeri kana haté na gé, ah matak jadi gering mun di inget-inget deui mah……da moal matak jadi hadé meureun ?
Dipikir-pikir asa karunya ka barudak, teu ka perhatikeun salawasna, maklum kuring jeung pamajikan jalma gawé, mindeng di titinggalkeun, dipihapékeun ka dulur atawa batur, emh deudeuh teuing anaking…du’a keun abah sareng mamah sing éngal mendak jalan anu saé supaya hidep teu kakirangan kanyaah !!!
Perlu hidep apal matak abah sareng mamah kieu gé éstu ngarah hidep kasakolakeun anu malah mandar hidep duaan jadi jalma nu tinemu jeung kabagjaan dunya katut akhérat. Tah matak hidep duaan sing ngarti, sing déwasa, sing bisa mihapékeun diri pang-pangna kanu jadi dulur, da najan kalah kumaha gé hirup mah teu bisa sorangan.
Anaking….umur mah taya nu apal, bisi iraha waé abah ningalkeun alam dunya, omat hidep kudu wawuh jeung batur, akur jeung dulur. Ulah rék boga haté goréng ka sasama, sok diajar hirup jeung jalma loba, manfaatna bakal karasa…sabab beuki loba nu wawuh beuki karasa nikmatna hirup di dunya téh….
Sing nyaah ka kolot, ka dulur oge ka batur. Sing inget yén urang bisa hirup téh alatan kolot, hidep di kandung 9 bulan lilana ku indung. Indung teu pundung, teu kaduhung malah bungah katingalina gé. Waktu ngalahirkeun, mamah hidep wani ngorbankeun sagala-gala, tong boro-boro harta, tanaga, malahan nyawa gé jadi tarohanana.
Teu aya alesan hidep teu nyaah ka sepuh, lain berarti abah jeung mamah hayang dipulang tarima, tapi abah sieun hidep duaan doraka tinu jadi kolot.
Sing inget anaking “ SORGA ADA DI TELAPAK KAKI IBU “ dina harti karidloan Gusti Alloh tergantung karidloan indung, jadi peupeujeuh pikanyaah mamah, mamah, mamah, sareng abah.
Anaking jimat awaking, sakitu heula PR keur hidep duaan, abah teu weléh tiap tos sholat sok ngadu’a mudah-mudahan hidep duaan jadi jalma soléh. Sabab abah yakin ku kasoléhan haté sagala cita-cita bakal laksana, amiiin…….

40


“40”

40 tahun tlah ku lalui, merangkak, melangkah dan terus berlari
Mengejar apa yang kucari menggapai harapan dan jati diri
Kini ........
masa ku tlah lalu
Hari terus berganti membawa ku pada dunia hayal yang tak rancu
Buaian mesra nan kian ragu terus ku jalani meski arah tak menentu
Asa yang kian menggila antarkan aku pada angan belaka
Senyum dan tawa hiasi pesona
Indahnya kenikmatan dunia yang smakin menggila

Sementara .....
Walau aku terus berlari, berlari dan berlari
Harapan kian menjauh, dan pergi
Tinggalkan aku yang smakin penat pasti
Peluhpun basahi sekujur tubuh ini

8 tahun ku lalui, dengan jalan ditempat
Harapan dan hayalan tlah sirna
Ditelan kejamnya keserakahan
Tinggalah.....
Aku sendiri dalam mimpi
Kucoba bangun dari tidur ini
Menggeliat malas di pagi hari yang dingin
Ayunkan langkah tuk kembali berdiri,
Tuk mulai lagi berlari..
Namun...
Usiaku tak cukup kuat tuk lakukan itu...
Dada smakin berat tuk bernapas,
Pengap smakin terasa, samar-samar kulihat secercah cahaya
Ku coba bangkit kembali...
Tuk mengejar cahaya yang sebentar lagi padam....
Kudekati, ku ulurkan tangan tuk meraihnya,
akhirnya ku gapai, tapi terlanjur padam di telapak tangan....

40 tahun usia ku kini....
Mungkin sebentar lagi,
Kuhirup udara pengap ini...
Kujalani dalam ketidak pastian...
Kulewati dengan angan yang tak kuasa kugapai..
Aku tak sesali kegagalan ini,
Masih ada dua junior buah hatiku
Yang pasti mampu tuk mengubah kejamnya sang penguasa..
Taklukan apa yang tak mampu kulakukan..
Selamat berjuang ananda buah hatiku
Maaf ,bapak hanya wariskan asa dalam hayalan belaka.

PEMILUKADA

                                                                 PEMILUKADA
Para palaku pulitik jaman kiwari geus beuki teu kaharti, tong jauh-jauh teuing ngabahas visi jeung misi, dalah dina nanjeurkeun démokrasi waé geus teu luyu jeung azas démokrasi nu kiwari keur meujeuhna jadi bahan obrolan élit pulitik di ieu nagri.

Tahapan Pemilukada geus mimiti dilaksanakaeun sakumaha mistina.
Teuing bulan naon, jauh-jauheun kana pemilukada, nya kurang leuwih aya kana 10 bulanan ka tukang mah. Harita aya dulur éR-Té datang ka imah, ménta photo copy KTP, cenah mah keur pendataan. Sor waé dibéré da saeutik gé teu boga haté goréng, percaya pisan ka éR-Té téh, dihenteu-henteu ogé pupuhu nu aya di lembur.

Bulan Agustus kuring miluan daftar jadi anggota Pé-Pé-És. Bubuhan geus kaasup legok tapak genténg kadék téa kana urusan petugas pemilu mah, sanggeus miluan tést tulis jeung wawancara mah langsung baé ka tampa. Ngan jigana lain pédah geus boga pangalaman, pédah wéh harita butuh 3 an keur petugas Pé-Pé-És, ari nu daftar ti désa kuring ngan aya 3 an..jadi kapaksa ditarima pédah euweuh deui..hé.hé.

Bulan Oktober aya tugas kudu vérifikasi dukungan balon Bupati anu datangna ti perseorangan atawa sok disebut indepénden. Téa gening.
Balik gawé ti sakola ngahajakeun datang ka désa maksud rék ningali pigawéeun di Pé-Pé-És, da cenah kudu réngsé isukan.
Reuwas, anéh, keuheul, jeung hayang seuri sagala..waktu macaan daftar dukungan salah sahiji Balon Bupati    ( moal dibéjakeun ah bisi éraeun….karunya bakat ku hayang jadi Bupati meureun..),ngaran jeung photo copy KTP kuring kaasup kana daftar pendukung. Balad gawé jeung pagawé désa mah mani bébéakan nyeungseurikeun kuring campur ngalédék sagala…
Hantem diilikan bisi salah maca, da weléh ngaran kuring, terus ditinggali kana tanda tangan pendukung….emh karunya nu ngédé..maklum tanda tangan kuring mah hésé jadi jauh pisan jeung aslina..
Teg waé inget kana 10 bulan ka tukang waktu dulur éR-Té ménta photo copy KTP téa…emh…teungteuingeun….nya sabaraha kuring dijual ? kitu gerentes hatéwaktu harita.

Saha nu boga gawé kitu peta téh ???
Titahan saha ???
Sabaraha dibayarna ???
Naon maksudna ????
Berarti jadi Bupati téh…………………….matak tepi ka wani ngahalalkeun mang rupa cara gé nya ???

PGRI


Bapak Ketua PGRI kabupatén Tasik  anu dipihormat,
Bapa salaku pupuhu sim kuring dina Organisasi PGRI, nu nampung aspirasi anggota nu aya di wewengkon Kab. Tasikmalaya.
Dua minggon kapengker, sim kuring maos Peraturan Pemerintah No. 19/2010, ngeunaan Disiplin Kerja pikeun PNS di Kabupatén urang.
Paralun sanés baha, mugia bapa ngadangu kocéakna anggota nu aya di padésaan.
Sakumaha dina pasal 3 PP No. 19/2010 :
  1. Masuk kerja       :  07.45
  2. Istiharahat          :  12.00 – 12.45
  3. Pulang                  :  15.30
Sim kuring gaduh 2 ilustrasi/gambaran, mudah-mudahan tiasa janten bahan pangémut bapa :
  1. Taun 2000-2003, sim kuring jadi Supir Gelebeg trayék Salawu – Singaparna.
Tos rutin, mios tabuh 05.30, mangsul ka garasi tabuh 16.00 – 18.00. ku logika cape kacida nu sadindinten nambangan, Alhamdulillah waktos harita wangsul téh masih kénéh kiat barang gawé di rorompok.
  1. Juni 2003 kuring diangkat janten GBS.
Mios tabuh 06.30 da kaleresan tempat tugas téh mung 3 Km ti rorompok, tabuh 13.00 gé tos di rorompok deui. Asa ku normal gening jadi guru téh, ceuk piker kuring harita. Tapi anéh…dugi ka rorompok asa cape kacida ? bujeng-bujeng barang gawé waktos kuring jadi supir, dalah salin gé sok rajeun horéam, kalah kapeureuman dina korsi.
Tina 2 ilustrasi éta, tiasa disimpulkeun, gening janten guru langkung cape disbanding  janten supir ? tétéla janten guru mah nu capéna uteuk anu meryogikeun énérgi langkung seueur.
Hal éta anu ngadorong sim kuring ngawani-wani karep kanggo nyerat ieu unek-unek. Mamanawian bapa salaku pupuhu sim organisasi PGRI di Kabupatén, tiasa merjoangkeun jumeritna hate kuring.
Sakali deui sanés sim kuring baha, namung mugia bapa tiasa ngamaphum kalawan ngaraoskeun kumaha kaayaan di daérah, tos kantenan di sakola anu tebih tur kirang guru mah.

Sabtu, 20 November 2010

GURU

         Dur lohor, kuring biasa indit ka sakola, bagéan beurang mah asup jam ½ hiji, kaluar jam ½ genep..Poé ieu poé kadua kuring asup sakola sanggeusna réngsé miluan penataran P4, ceuk barudak ayeuna mah suasana anyar, lingkungan anyar, sabab asa kamari kuring maké kénéh calana pondok, ayeuna mah geus maké calana panjang warna abu...
        Sanggeus leumpang jauh nu méakeun waktu kira-kira sabatangeun roko jarum coklat, antukna tepi ka sakola nu di jug-jug, sakola nu lain kahayang, matak karék tepi gé sumanget geus euweuh...Nun Gusti pasihan abdi hidayah, supados betah di ieu sakola, hawatos pun bapa nu kagungan cita-cita palay naker gaduh putra sakola di éS-Pé-Gé..
Bapa...hapunten abdi bilih teu tiasa nyugemakeun manah sareng émutan bapa...

Jumat, 19 November 2010

SERTIFIKASI ceuk OJEG


SERTIFIKASI  CEUK OJÉG
Ieu mah obrolan Abah Bodén  jeung barudak ojég, lain kritikan atawa pelecéhan, da kuring ngamaklum pisan kana pamanggih manéhna nu jelas masih kurang wiwahana..kieu gera :
Ojég                      : ”Bah, ari sertifikasi téh naon ?”
Abah Bodén       : “ rék naon atuh nananyakeun sertifikasi sagala ?”
Ojég                      : “atuh hayang apal wéh, pédah mani asa mindeng ngadéngé bahasa éta téh”
Abah Bodén       : “ emhh…kitu..? éta téh ceuk cohagna mah tunjangan profesional pikeun guru jeung 
                                     Dosén”…              
Ojég                      : “ ari nu nangtukeun guru professional téh saha Bah ?”
Abah Bodén       : “ aya tim husus penilaina nu ditunjuk ku pamaréntah”
Ojég                      : “naon nu dipeunteunna téh ???”
Abah Bodén       : “ administrasi dina bentuk portofolio “.
Ojég                      : “ ariiiii naon polio téh bahasa deungeun, naon waé éta téh..? “
Abah Bodén       : “ lain naon polio..tapi portofolio…enya serepan tina bahasa deungeun..anu eusina
                                  cenah mah bundelan data-data pribadi jeung administrasi séjénna salila digawé,
                                  kalawan dilengkepan ku bukti-bukti pernah miluan seminar, kursus, diklat, jeung
                                  ték-ték bengék sakéhé aya dina éta portofolio téh…kitu..tah..” ngarti ???
Ojég                      : “ rék api-api ngarti wéh…da panasaran téa atuh….lamun lulus dipeunteunna bakal
                                  kumaha ?”
Abah Bodén       : “ nya lulus téa jadi guru profesional, kalawan boga hak meunang tunjangan profési “
Ojég                      : “ ooooh kitu..??? sabaraha meunangna téh ? “
Abah Bodén       : “ ih..rupa-rupa..kumaha gajih pokona…cenah mah lamun tadina dua juta, bakal jadi
                                  opat juta sabulanna téh !!”
Ojég                      : “ wah….??? Ngeunah atuh nya Bah ???, ari Abah geus meunang ? naha mani teu
                                   becré ka barudak ojég....???
Abah Bodén       : “ puguh wéh ngeunah mah..Abah mah can meunang pan can jadi sarjana, jeung masih
                                    kénéh anyar jadi guruna gé. Jadi ceuk cohagna mah can profesional !!!”
Ojég                      : “ eemmhh…enya ngarti ayeuna mah…ari guru nu urang ditu gening..nu sok megat
                                     mobilna jam 8…geus meunang..???”
Abah Bodén       : “ ooh étaa…cenah mah geus meunang…pantes da geus lila atuh jadi guruna gé..”
Ojég                      : “ atuh padahal mah Abah gé nurutan !!!”
Abah Bodén       : “ maksudna ?”
Ojég                      : “ enya nurutan indit beurang ari hayang meunang mah…!! Sugan wéh kuring kabéré..
                                     lain ngan ukur udud sabatang jiga ayeuna…!!! “
Abah Bodén       : “ géhél téh hanas dilayanan…”
Ojég                      : “ paingan atuh Abah mah teu meunang sertifikasi…da bodo gening..!?? “
Abah Bodén       : “ bodo kumaha…? “
Ojég                      : “ ari hayang …meunang gaji sertifikasi…ari indit gawé jam 7 geus di sakola…nya….
                                      moal meunang-meunang atuh…??!!! “
Abah Bodén       : “ boa enya nya euyyy ???? ( abah bodén kabawa lieur…)