Sabtu, 27 November 2010

GURU BANTU


Remen datang ka sono ka balad-balad anu kaasup kana FKGBI (Forum Komunikasi Guru Bantu Indonesia), rék teu sono kumaha…dina éta Forum tempat nyawalakeun nasib Guru Bantu sa Indonesia.
FKGBI lir ibarat mu’jijat keur Guru Bantu mah , harita nu jadi GBS rata-rata kalahiran tahun 65 – 70 an, nu ceuk aturan Pamaréntah mah geus teu mungkin jadi PNS da geus kadaluarsa umur, lolobana geus liwat ti 35 taun.
Ku ayana FKGBI nya antukna nu teu mungkin bisa jadi mungkin , ngaran aturan Pamaréntah bisa waé robah béda jeung aturan Gusti Alloh.
Teu sirikna unggal bulan ngayakeun rapat FKGBI téh, matéakeun duit iuran ti anggota nu ngan cukup keur meuli cai wungkul, Alhamdulillah sararéa bisa narima, da rumasa kana kaayaan, nu kacida bungahna aya dorongan méntal ti Bapa Yayan Tahyan anu harita ngaluuhan jabatan salaku Kadisdik Kabupatén, anjeuna ngadukung pisan kana patékadan para GBS meredih ka tingkat pusat pikeun diangkat jadi PNS. Anjeuna uninga sareng peryogi pisan ku guru PNS di Kabupatén Tasik nu waktu harita kacida pisan kurangna.
FKGBI nu sabeungkeutan, didukung ku pihak birokrasi anu aya di daérah antukna lahir PP 48/2005 anu intina Tenaga Honorér baris diangkat PNS. Lain ngan ukur GBS tapi honorér  ti tiap lembaga/instansi gé sarua.
Najan karékPP gé asa geus jadi PNS harita mah, komo ti taun 2006 nungtutan balad-balad kuring anu pang kolotna diangkat jadi PNS, tepi ka akhirna taun 2008 GBS di Kabupatén Tasik kelar diangkat jadi PNS kabéh.
Ceuk Kang Agus AW salaku pupuhu FKGBI Kabupatén harita, luyu sareng kasauran bapa Yayan Tahyan, yén FKGBI ulah tepi ka bubar, sabab geus ka ukur gawéna jeung kauji sauyunannana.
Kamana ayeuna FKGBI téh?
Tah éta nu matak kuring sok remen sono téh…asa cikerih Forum nu sakitu gedéna bisa leungit kitu waé, FKGBI nu sakitu gedé manfaatna, karasa pisan hasilna, kiwari tingal carita.
Dulur-dulur ex GBS …..urang harita lir ibarat mayit nu bisa hirup deui, sok implengan gera…urang lulusan SPG baheula pan SPGna gé geus taya dikieuna, saingan urang harita barudak ngora lulusan PGSD, tapi gening urang bisa ngaronjat jadi Guru PNS nu ceuk saliwat mah teu mungkin.
Kuring sadar pisan…najan ieu mangrupa keun nasib alus, tapi jelas nasib urang moal kieu lamun taya cukang lantarannana. Tah nu jadi cukang lantaran téh nyatana FKGBI nu ngabeungkeut GBS sa-Indonésia. Asa pamohalan mun urang indit séwang-séwangan ka tingkat pusat ménta diangkat jadi PNS ….ah mustahil kana didanguna gé….
NAHA URANG BISA POHO KA FKGBI  ????????????????

Tidak ada komentar:

Posting Komentar