Sabtu, 27 November 2010

BODEN

Si Ade ngagebra tibra, dipépéndé ku kang Iwan Fals…jiga nu nikmat naker,
Kuring gé rohani mah milu nyanyi, tapi jasmani mah keur ngararasakeun indocoffee bari pelenyun udud 234…..emh…gening ari bari di syukuran mah karasa pisan nikmatna téh…..nuhun Gusti…..
Asa cik kénéh lanceukna lahir, ayeuna geus umur sapuluh taun leuwih, geus kelas opat és-dé..
Bagja ari geus boga turunan, bakal aya nu neruskeun perjuangan kuring nu teu kahontal…Anaking jimat awaking hidep duaan budak abah, di du’akeun sing jadi jalma soléh, panggih jeung kabagjaan, jauh tina balai boh balai dunya atawa balai akhérat….
Enya…mun ras inget kana lalakon baheula keur bobogohan jeung indungna, asa cikerih, nyeri kana haté na gé, ah matak jadi gering mun di inget-inget deui mah……da moal matak jadi hadé meureun ?
Dipikir-pikir asa karunya ka barudak, teu ka perhatikeun salawasna, maklum kuring jeung pamajikan jalma gawé, mindeng di titinggalkeun, dipihapékeun ka dulur atawa batur, emh deudeuh teuing anaking…du’a keun abah sareng mamah sing éngal mendak jalan anu saé supaya hidep teu kakirangan kanyaah !!!
Perlu hidep apal matak abah sareng mamah kieu gé éstu ngarah hidep kasakolakeun anu malah mandar hidep duaan jadi jalma nu tinemu jeung kabagjaan dunya katut akhérat. Tah matak hidep duaan sing ngarti, sing déwasa, sing bisa mihapékeun diri pang-pangna kanu jadi dulur, da najan kalah kumaha gé hirup mah teu bisa sorangan.
Anaking….umur mah taya nu apal, bisi iraha waé abah ningalkeun alam dunya, omat hidep kudu wawuh jeung batur, akur jeung dulur. Ulah rék boga haté goréng ka sasama, sok diajar hirup jeung jalma loba, manfaatna bakal karasa…sabab beuki loba nu wawuh beuki karasa nikmatna hirup di dunya téh….
Sing nyaah ka kolot, ka dulur oge ka batur. Sing inget yén urang bisa hirup téh alatan kolot, hidep di kandung 9 bulan lilana ku indung. Indung teu pundung, teu kaduhung malah bungah katingalina gé. Waktu ngalahirkeun, mamah hidep wani ngorbankeun sagala-gala, tong boro-boro harta, tanaga, malahan nyawa gé jadi tarohanana.
Teu aya alesan hidep teu nyaah ka sepuh, lain berarti abah jeung mamah hayang dipulang tarima, tapi abah sieun hidep duaan doraka tinu jadi kolot.
Sing inget anaking “ SORGA ADA DI TELAPAK KAKI IBU “ dina harti karidloan Gusti Alloh tergantung karidloan indung, jadi peupeujeuh pikanyaah mamah, mamah, mamah, sareng abah.
Anaking jimat awaking, sakitu heula PR keur hidep duaan, abah teu weléh tiap tos sholat sok ngadu’a mudah-mudahan hidep duaan jadi jalma soléh. Sabab abah yakin ku kasoléhan haté sagala cita-cita bakal laksana, amiiin…….

Tidak ada komentar:

Posting Komentar