PEMILUKADA
Para palaku pulitik jaman kiwari geus beuki teu kaharti, tong jauh-jauh teuing ngabahas visi jeung misi, dalah dina nanjeurkeun démokrasi waé geus teu luyu jeung azas démokrasi nu kiwari keur meujeuhna jadi bahan obrolan élit pulitik di ieu nagri.
Tahapan Pemilukada geus mimiti dilaksanakaeun sakumaha mistina.
Teuing bulan naon, jauh-jauheun kana pemilukada, nya kurang leuwih aya kana 10 bulanan ka tukang mah. Harita aya dulur éR-Té datang ka imah, ménta photo copy KTP, cenah mah keur pendataan. Sor waé dibéré da saeutik gé teu boga haté goréng, percaya pisan ka éR-Té téh, dihenteu-henteu ogé pupuhu nu aya di lembur.
Bulan Agustus kuring miluan daftar jadi anggota Pé-Pé-És. Bubuhan geus kaasup legok tapak genténg kadék téa kana urusan petugas pemilu mah, sanggeus miluan tést tulis jeung wawancara mah langsung baé ka tampa. Ngan jigana lain pédah geus boga pangalaman, pédah wéh harita butuh 3 an keur petugas Pé-Pé-És, ari nu daftar ti désa kuring ngan aya 3 an..jadi kapaksa ditarima pédah euweuh deui..hé.hé.
Bulan Oktober aya tugas kudu vérifikasi dukungan balon Bupati anu datangna ti perseorangan atawa sok disebut indepénden. Téa gening.
Balik gawé ti sakola ngahajakeun datang ka désa maksud rék ningali pigawéeun di Pé-Pé-És, da cenah kudu réngsé isukan.
Reuwas, anéh, keuheul, jeung hayang seuri sagala..waktu macaan daftar dukungan salah sahiji Balon Bupati ( moal dibéjakeun ah bisi éraeun….karunya bakat ku hayang jadi Bupati meureun..),ngaran jeung photo copy KTP kuring kaasup kana daftar pendukung. Balad gawé jeung pagawé désa mah mani bébéakan nyeungseurikeun kuring campur ngalédék sagala…
Hantem diilikan bisi salah maca, da weléh ngaran kuring, terus ditinggali kana tanda tangan pendukung….emh karunya nu ngédé..maklum tanda tangan kuring mah hésé jadi jauh pisan jeung aslina..
Teg waé inget kana 10 bulan ka tukang waktu dulur éR-Té ménta photo copy KTP téa…emh…teungteuingeun….nya sabaraha kuring dijual ? kitu gerentes hatéwaktu harita.
Saha nu boga gawé kitu peta téh ???
Titahan saha ???
Sabaraha dibayarna ???
Naon maksudna ????
Berarti jadi Bupati téh…………………….matak tepi ka wani ngahalalkeun mang rupa cara gé nya ???
ktp nu urang aya teu dina dukungan? da urangmah golput...
BalasHapus